Rabu, 06 Juni 2012

PINUS

Lamun ahirna kaayaan Bapa terus jiga kieu, lamun ieu teh mangrupa takdir nu dibikeun ka kuring, keun weh, antep sagala kaayaan jiga kieu, angger jiga kieu, ngan kuring yakin, ieu tangkal pinus teh mangrupa takdir sejen nu didatangkeun ku pangeran keur nyalametkeun dunya hususna Bapa.
  
PINUS 

Kaayaan dina mobil elf anu ditumpakan ku kuring geus simpe, sawareh panumpang geus talibra, aya duaan nu keur maca koran aya oge anu nyonyooo hape. Teu jiga tadi, raribut, nu saleseurian tea mah, nu ngarumpi tea mah, budak nu ceurik hayang nginum, budak nu utah tuluy ku indungna tonggongna dibalur ku minyak kayu putih, sakapeung mun teu era ku budak leutik mah kuring ge hayang milu utah bakat ku seueul.
Ayeuna, kaayaan simpe, jigana mah panumpang carapeun tapi sanajan cape, kuring mah teu meunang kasarean sabab sakeudeung deui kuring tepi di imah.
“Kiri!” ceuk kuring rada ngagorowok.
“Eh, kiri, Pir” ceuk kenek bangun nu reuwas.
“Di dieu Neng? Nyandak naon wae tadi teh? Beu, urang turun-turunkeun.” pokna bari gigisik.
“Mung nyandak binih pinus hungkul, Mang” ceuk kuring bari nunjuk kana tangkal pinus leutik dihareupeun kuring.
“Euleuh, abot geuningnya meni sa tilu-tilu, kanggo naon?”
“Duka atuh, ieu dipiwarang ku pun biang” ceuk kuring.
“Sok atuh ati-ati bisi pites taktak ngajingjing nu beurat-berat teuing mah,” pokna bari nampanan ongkos ti kuring. Kuring ngan mesem bari ngajingjing babawaan.
Sajajalan kuring ngalamun bari sakapeung seuri sorangan , Ema pasti reueus kuring rengking hiji di kelas, jaba meunang beasiswa deuih, geus kitu honor meunang nulis kana majalah nu geus dikumpulkeun teh pasti bisa mantuan ema, sugan we bisa jadi modal keur muka jongko sangkan bisa ngurangan kabeungbeurat Bapa. Teu sadar kuring seuri sorangan bakat ku bungah. “Tapi lamun ema engke ngajongko, naha Bapa bakal euren tina pagaweanana?” Kuring ngadadak ngahuleng bari tuluy nempo keresek badag nu keur di jingjing ku kuring, tangkal Pinus. “ Ah, enggeus tong dipikiran, moal jigana mah, Bapa mah moal robah, bakal angger dina pagaweanana”. Panon kuring lempeng deui ningali jalan, ngan dina eta jingjingan asa aya magnet nu tuluy metot panon kuring sangkan ningali kana eta jingjingan bari terus ngalamun deui,
 “koncina mah kuring kudu boga tindakan! Enya kuring teh da geus gede, nyakola saeutikna boga elmu jeung pamadegan !”
Teu karasa geuning, asa tereh lalampahan ti jalan gede nepi ka imah teh ari bari ngalamun mah. Ti kajauhan kaciri Ema ngagupaian kuring bari ngais Anggit, adi kuring nu karek 6 bulan.
“Ema…!” teu sabar kuring lumpat bari rada ingked da bari ngajingjing tea, kuring ngahegak tuluy nyium panangan ema, Anggit adi kuring nu lucu kacida teh, nurutan nyium leungeun kuring bari seuri, kuring ngajembel pipina nu gembil.

“Kumaha, aya beureuman teu? rengking sabaraha?” Ema teu sabar hayang ningali rapot kuring.
“Ieu, rengking hiji, Ma” ceuk kuring bari ngaluarkeun rapot tina kantong kuring, ngahaja diteundeuna teh teu handap-handap teuing, ngarah babari dicokot, sabab kuring ge hayang pameran ka Ema.

“Pinter geuning, sok atuh palay naon hadiahna, ke ku Ema jeung ku Bapa rek diusahakeun?” Pok na bari ngabebenah aisan.
“Hoyong…….” 
“Hoyong naon? Carioskeun we?” Ema katinggal sumanget tapi kuring teu tega mentana.
“Henteu ah, engke we lamun waktos na tos pas,” ceuk kuring bari ngangsrodkeun kantong jeung jingjingan.
“Beu, karunya geura Nggit, si Teteh meni beurateun kitu,” ceuk Ema ka Anggit, Anggit ngan ukur ningali ka kuring, bari teu ngartieun.
“Ari eta teh ngajingjing naon, Teh?”
“Binih tangkal Pinus, Ma”
“Pek atuh ari keukeuh hayang melak wae mah,” pokna. kuring unggeuk,
“Yu, Teteh…tuh aya Balakutak, meunang ngahaja Bapa meuli ti Santolo, karesep Teteh cenah”
“Assalamualaikum” ceuk kuring bari ningali kaayaan imah kuring nu tiiseun taya tatangga, ma’lumlah di leuweung mah imah teh ancal-ancalan, imah kuring rada ka jero leuweung, tapi ari listrik mah aya, duka kumaha Bapa ngakalanana. Di luar imah aya golodog, ayeunamah eta golodog teh ditempatan ku kai golondongan, rada loba kai teh, ningali tina uratna mah jigana kai Jati.
Imah kuring mah lain tina tembok atawa beton, tapi tina bilik ngan ayeunamah sawareh geus diganti ku bahbir, jeung sawareh deui tina tembok, meni rupa-rupa, kuring jadi seuri sorangan.
Buru-buru kuring ngalesotkeun jingjingan jeung kantong anu titatadi diaakod, teu poho nyumputkeun binih Pinus di pipir bari sakalian wudu geus kitu solat Ashar, geus rada salse kakara miringan sangu.
“Ma, Bapa kamana?” Ceuk kuring bari ngosom
“Can uih, engke jam 7-an, ayeunamah orderanana nambahan, geus di Sancang mah di dieu mah di ditu mah, ah… meni karunya.”
“Pasti capeun pisan nya, Ma?”
“Geus, tong dipikiran! da sagalana oge keur maneh, diajar we sing getol, da lamun ningali Teteh getol mah Bapa oge moal kaduhungeun”
Kuring ngan bisa cicing bari tuluy ngahuap sangu jeung Balakutak, asa hambar.
Lalaunan srangenge tunggang gunung nepi ka tilemna , tuluy jadi layung nu estuning endah bari lalaunan kasilih ku peuting. Jam tujuh, kuring tuluy nungguan, dina simpena angin peuting ieu, kuring diuk dina golodog diluhureun kai jati tea bari ningali bentang nu tingkariceup di langit.
Samar-samar aya lalaki ngadeukueutan, make jeket hideung jeung mawa ragaji mesin jiga nu beurateun. Kuring kerung mastikeun saha eta nu ngadeukeutan, tetela eta teh Bapa, kuring langsung nyampeurkeun, mapagkeun bapa nepi ka imah.

“Har..geuning Teteh jam sabaraha ti Garut?”
“Bada lohor, Pa” Ceuk kuring bari nyium panangan Bapa.
“Alah cape geuning, Teh” Pokna bari nyuruput ci enteh haneut nu disuguhkeun ku Ema.
“Naha tos timana Bapa teh?” ceuk kuring bari ngais Anggit, budak ogo nu teu weleh hayang dipangku, tapi ogo na oge da pikaresepeun.
“Kawas nu teu apal wae, nya ti leuweung atuh, Teh” Pokna
“Seueur nu dituarna?” ceuk kuring bari nyumputkeun kakuciwaaan
“Alhamdulillah, lumayan lah keur mayar iuran Teteh”
“Sabaraha hektar?”
“Euleuh, nanya teh meni ‘sabaraha hektar’ ayeuna mah Bapa na oge geus kolot, geus teu katanagaan, ngan meunang sababaraha patok”

 Aya rasa kuciwa dina hate kuring anu teu bisa ditembongkeun lantaran kuring nyaah ka Bapa, tapi bakal aya kakuciwaan anu leuwih parna lamun kuring teu ngomong ka Bapa, Paradoks… kuring teu apal kudu kumaha, kuring kudu ngomong lamun kuring nyaah ka Bapa, tapi kuring hese ngomongna lantaran nyaah ka Bapa.

“Pa…” kuring ngawanikeun maneh.
“Naon, aya naon Teh?” 
“Teu ketang…teu nanaon, engke we ah upami Bapa tos nyalse, ku teteh bade dicarios keun”
“Bae atuh ari nungguan Bapa nyalse mah, ayeuna mah Bapa na oge rek sholat Isa heula, Teteh tos sholat acan?”
“Atos…” ceuk kuring bari ngayun-ngayun Anggit.

  Ayeuna nungguan heula Bapa salse, geus kitu omongkeun sing lemes, sing ati-ati, tong kabawa emosi, kuring nyaho Bapa mah moal ambek, Bapa mah wijak, Niatan ieu kusabab kuring nyaah ka kulawarga kuring.


“Kumaha rapot teh?” ceuk Bapa mudarkeun lamunan kuring.

“Alhamdulillah, Pa, Rengking 1, kenging beasiswa deuih,” Ema kaluar ti kamar tas mepende Anggit, tuluy ngilu diuk digigireun Bapa.
“Tuh, Pa, budak urang teh pinter geuning nya?” ceuk Ema, bangun ku reueus
“Enya…sok atuh sing soson-soson nya, lamun teteh na pinter mah, Bapa jeung Ema ge moal hariwang jeung moal kaduhung nyakolakeun Teteh nepi ka SMA!” Diomongan kitu kuring mesem.
“Kusabab teteh teh budak pinter, tibaheula rengking hiji wae, Sok atuh, teteh hayang naon hadiahna? Ke ku Ema jeung ku Bapa urang usahakeun.”

“Hoyo…ng, ah bisi beurat teuing, Pa”
“Keun bae beurat oge, pok caritakeun kadinyah ngarah puguh mikiranana?”
“Leres?”
“Nyaan atuh, Teh”
“Pa, kapan teteh teh sok ngadamelan carpon teras dilebetkeun kana majalah, ku majalah teh dipasihan honor, artosna dikempelkeun, tapi sawareh deui dipeserkeun radio, da dina radio teh seueur pisan kuis komo lamun urangna taliti ngoper-ngoper chanel mah, hadiah na teh sararae, timimiti hadiah kaos nepi ka artos, Alhamdulillah timimiti kelas hiji nepi ka ayeuna kelas dua, teteh ngempelkeun artos ,artosna tos kawilang seueur, lumayan lah kanggo Ema muka jongko bae mah” ceuk kuring gede hate.

“Teteh mah teu seueur kahoyong, Ma, Pa” 
“Teteh mah ngan hoyong…”
“Teteh mah ngan hoyong Bapa ngantunkeun padamelan, Bapa.”“Teteh!!!” Ema motong omongan kuring.
“Keun we, Ma” Raray Bapa semu beureum.

“Teteh mah alim gaduh Bapa ‘ penebang liar”
“Teh, cik atuh ari nyarita teh!!!” Ceuk Ema reuwaseun
“Ma, Teteh mah alim gaduh bapa anu dununganana di uudag wae ku pulisi, teteh mah alim gaduh Bapa dipenjara” 
Bapa ujug-ujug cengkat tina korsi bari nyandak jeket hideung na,
“Tong mamatahan ka kolot, nya!!!” Raray Bapa robih jadi kasar, kuring can pernah ningali Bapa saambek kitu, kuring salah, bet langsung kana inti masalah.
“Pa, teteh alim Bapa dosa! Teteh alim Bapa ngaruksak leuweung, teteh janji moal nyungkeun nanaon deui” ceuk kuring bari ngahalangan Bapa dina lawang panto
“Bapa boga alesan sorangan” Soca Bapa beureum, asa disindir ku nu jadi anak.
“Pa!” Kuring masih keneh ngahalangan panto bari carinakdak
“Tong ngahalangan panto!”
“Pa, Teteh teh tos ngempelkeun artos kanggo ngamodal muka warung.”
“Awas!!!” Bapa molotot ka kuring, tapi kuring masih bisa keneh cicing dina lawang panto.
“Bapa teu uninga padamelan Bapa teh ngalanggar hukum?” ceuk kuring, Ema nu titatadi aya di dinya ngan ningalikeun.

“Apal Bapa ge, apal eta teh ngalanggar hukum , matak teteh disakolakeun oge ngarah teu jiga Bapa!!!” bapa bendu, kuring taluk.
“Cing, haling ah, tong jadi anak doraka!!! Tong ngahalangan panto!!!” bapa nyorongot bakat ku ambek.
“Bapa!!! Bapa teh kedah sadar, padamelan kitu teh ngaruksak jeung ngondang pibahayaeun!!” ceuk kuring

“Lain teu ngarti Bapa oge, Bongan urangna kacangcang ku kamiskinan!”
“Pak, entong nuaran deui!!! ”
“Haling ah, teu kaur dibageuran budak teh kadon jadi bangkar warah!” Bapa nyeredkeun kuring sangkan kuring teu ngahalangan jalan, tuluy Bapa lempang teuing kamana, nu jelas Bapa moal lempang ka buruan imah nu geus rata jeung taneuh, euweuh tatangkalan badag hiji-hiji acan, nu aya ngan tunggul-tunggul nu mucunghul.

Pa, Teteh mah teu hoyong janten budak nu doraka ka sepuh ngan Teteh mah kacangcang ku kanyaah Bapa jeung Ema, kacangcang ku harepan Bapa jeung Ema.
Teu karasa cimata kuring ngeclak maseuhan pipi, tuluy ragrag masehan baju, karasa ngemplong, kuring geus nepikeun kanyaah kuring ka Bapa, sanajan carana wae nu salah… Enya geuning… Bapa mah moal robah.Jadi, melakan tangkal Pinus teh ayeuna mah pagawean matuh kuring, kuring bakal angger jiga bulan-bulan kamari, melakeun binih pinus nepi ka jadina, tepi ka tumuwuh jadi tangkal anu gede, sanajan binih pinus anu dipelak ku kuring teh teu sabanding jeung tangkal-tangkal anu di tuar ku Bapa.
Lamun tungtungna kaayaan Bapa terus jiga kieu, lamun ieu teh mangrupa takdir nu dibikeun ka kuring, keun weh, antep sagala kaayaan jiga kieu, angger jiga kieu, ngan kuring yakin, ieu tangkal pinus teh mangrupa takdir nu sejen nu didatangkeun ku pangeran keur nyalamaketkeun dunya hususna Bapa jeung kuring.

Simpe…
Ema hareugeueun, tuluy asup ka kamar…
Kuring ge asup ka kamar, dikarimun ku simbut anu lalaunan baseuh ku cirambay.
Kuring peureum tapi teu daek peureum nepi ka tengah peeuting.
Dina tengah peuting eta, sora lengkah Bapa nu hawar-hawar keketrok, Ema mukakeun panto.
“Binih tangkal naon itu teh?” Sora Bapa eces kadangu.
“Binih pinus bawa si Teteh, caritana mah panjang,” Ceuk ema kakuping rada ngaharewos, sabenerna ema apal kagiatan kuring melakan pinus the tibaheula pisan.

“Oh kitu… ayeunamah pangnyokotkeun pacul kadituh!”
“Keur naon atuh, Pa da geus wengi ayeuna mah?” Ceuk Ema bari nyodorkeun pacul.
Kadenge sora Bapa ngagerendeng, “Ieu, karunya si Teteh, mawa binih pinus jauh-jauh ti kota, urang pelakeun we nya,”
Bareng jeung sora lengkah Bapa anu ngajauhan, simbut anu titatadi ngarimunan kuring beuki baseuh. Ayeuna… kuring bakal bisa sare tibra bari ngimpi ningali leuweung kuring anu ngemploh hejo. Nuhun Gusti…***

©nurulaaisyah 2012

0 komentar:

Posting Komentar